Rabu, 23 Juni 2010

Basa Inggris

Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid- muridna.

Poe kahiji. "Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula!", saur ibu guru Lia. "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor!", ibu ngancem

"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros.
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !", si Yogi katelah tukang heureuy.
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
"Nangtung dihareup ! Dadan ! "
"Brang - breng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh beas"
"Nangtung dihareup ! Dikdik ! "
"Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih "
"Nangtung dihareup ! Yusuf ! "
"Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina"
"Nangtung dihareup ! Mahmud ! "
"Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi "
"Bohong maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup ! Endang !
"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "
"Nangtung dihareup ! Nandang ! "
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
"Nangtung dihareup ! Naddy ! "
"Plak - plek - plok, hartosna bararahe "
"Masingna ase rehe atuh ! Nangtung dihareup ! Epul ! "
"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
"Nangtung dihareup ! Kabeh baralegug ! Doddy !
" Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya.Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... teh hitut !
"Brat - bret - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabeh! ", ibu Lia bendu.

Poe ka dua. "Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal present continous, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia. "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kalua! r ti kantor!", ibu ngancem.

"Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia naros.
"Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ". "Maneh nu istuning belegug pisan mah ! Deni ! "Dey weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun"
" Weureu daun naon maneh teh Deni ?!, kahareup kabeh ! Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu.
" Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di TC sehat-sehat saja tuh...."
" Heueh da gajihna beda jeung guru SD !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Barangsiapa yang menghormati dan menghargai orang lain maka sebenarnya dia sedang menghormati dan menghargai dirinya sendiri